Kamis, 14 Juni 2012

Pupujian Keur Pepeling

Sateacan na abdi tos nerangkeun naon eta pupujian. Tah ieu dihandap conto lain pupujian, nu pungsina mere mepeling ka urang sadaya. sok mangga di baca, teras dilenyepan ku urang.

Bismillahi nya ngawitan ngadamel abdi syi’iran
Neda berkah ti Pangeran malah mandar karohmatan

Eling-eling ihwan-ihwan sing emut kana siksaan
Ereunan kamaksiatan masih emut ka Pangeran

Elingkeun siksaan kubur nu aya dina pitutur
Emutkeun sadaya dulur bangeut pisan siksaan kubur

Siksa kubur ngawitanana teu kapendak rejeung ahlina
Luak lieuk taya baturna sumawon indung bapa na

Prek na taya hinggana kajaba padung baturna
Kaduhung taya bandingna lalaora kana solatna

Kasaha nyuhunkeun tulung lian ka Allah nu agurng
Siksaan allah nu agung sengsereudan hanteu suwung

Barang jol munkar wa nakir mantak sieun kalaleutir
Mariksa bari ngagendir nu mantak kudu jeung pikir

Nu ngahirkeun kana solatna hanteu nyaah kana jasadna
Hanteu sieun diakhirna disiksa kabina-bina

Tuluy disiksa jasadna digencet taneuh awakna
Tina suku kana sirahna pacorok iga wakasna

Di uruk seneu naraka kutina bangeut na siksa
Panasna taya hinggana ti naraka kengeng nyandakna

Tuluy jasad gegeroan tapi taya anu nulungan
Dunya mah hanteu nulungan anging amal rejeung iman

Tidinya nurunkeun deui siksaan leuwih ti tadi
Piwarang Allah sahiji katelah oray nu sakti

Sujaul aqra ngarana nu didamel besi kukuna
Turung ngageder panonna rubak pisan calangapna

Tuluy oray teh nenggelan ku ijinna ti pangeran
Kuku-kuku teu jeung aturan taya pisan kaadilan

Tuluy ditenggel jasadna terus mebes kana taneuhna
Kutina banget siksana dugika anacurna badan

Hanteu paeh hanteu hirup sanajan dugika surup
Nu mentak kudu nasauf ibadah kudu nasauf

Ieu siir tos sayagi kengeng nukil ti kurtubi
Urang kudu masing kaharti ibadah kudu gumati

Di akhir ngarasa rugi sanajan nu getol ngaji
Zakat sareng munggah haji teu lampah solat mah rugi

4 komentar:

  1. Nadoman pun ibu alhamdllah abdy masih keneh emut

    BalasHapus
  2. Alhamdulillah pendak ogé..
    Buku pupujianna ka kantun di lembur..
    Milarian dina google teh kapendak blog ieu..

    Hatur nuhun ah

    BalasHapus
  3. Alhamdulillah nyari2 syair kubur yg sering dibacain nene ketemu jg.walau sy tdk bisa bahasa sunda tapi sy pernah hapal karena sering ikut nene pengajian.

    BalasHapus

About me

Followers