Sabtu, 16 Juni 2012

Did you know pupujian ?


Pupujian ? Naon eta teh ? Nurutkeun tina wikipedia mah Pupujian nyaéta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama islam. Pupujian asalna tina sa'ir, nyaéta puisi anu asalna tina sastra Arab. Ku lantaran kitu, pupujian mah wangunna téh méh taya bédana jeung sa'ir, diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi sanajan kitu, aya ogé anu diwangun ku dua padalisan, genep padalisan, dalapan padalisan dina sapadana. Purwakanti anu aya dina pupujian umumna purwakanti laras wekas.
Sacara gurat badagna mah, fungsi pupujian téh aya anu mibanda fungsi éksprési jeung aya nu mibanda fungsi sosial. Tapi dina kamekaranana, fungsi sosialna leuwih gedé ti batan fungsi éksprésina.
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibacana téh di masjid saméméh salat jamaah, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung kaislaman.
Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, nyaéta:
(1) muji ka Gusti Alloh,
(2) solawat ka Kanjeng Nabi,
(3) do'a jeung tobat ka Pangéran,
(4) pépéling, jeung
(5) ajaran agama.

Tah ieu conto pupujian teh :

Hayu geura saradiya mempeung keur hirup di dunya
Amal keur sampereun tea diakhir moal sulaya

Geuning maot ngadodoho boroksok di poho-poho
Datangna teu mere nyaho ngagerentak taya tempo

Taya beurang taya peuting taya raja taya kuring
Dimana ajal geus sumping teu menang tempo anaking

Horeng nyawa rejeung badan nu geus lila babarengan
Datang mangsa pipisahan paturay tindung amitan

2 komentar:

  1. gan, follow my blog..! nanti saya follow back..
    http://www.ilhamibnupurnomo.co.cc/
    Nanti kabari saya melalui komentar atau guest book kalau udah follow.. SALAM BLOGGER

    BalasHapus
  2. Oke gan, sip.. Thanks atas kunjungannya

    BalasHapus

About me

Followers